Sunday, December 1, 2019

NALAKTAK NGARAIH NIKMAT BATHIN



Cikabayan :
Abah....... Pami nikmat bathin rohani teh naon.....  ?

Abah nata :
Saukur jalmi pilihan anu dikasih nikmat eta berupa anugrah luar biasa ti Allah Ta'ala. Ari urang mah saukur bisa nyawang kabayan, da teu aya mandat tea, bahwa urang tos menerima nikmat rohani eta. Paling saukur ngaku ngaku he he he.... ๐Ÿ˜€

Cikabayan :
Naha make kitu,  ari can puguh nikmat eta bisa keur urang, kunaon disorang atuh abah nata ?

Abah nata :
Kieu kabayan, ari urang mah sakadar berusaha jeung berjuang tugas nage. Kade ulah waka hayang nikmat rohani eta. Kin we jaga bakal kasorang. Ayenamah sing soson-soson berjuang di jalan karidhoan Allah Ta'ala.

Cikabayan :
Oohhhh kitu karah abah ?

Abah nata :
Saibarat urang teh, gaduh dunungan, tugas urangmah ngalaksanakeun tugas we sing hade pisan. Ulah can nanaon hoyong nikmat anu sakitu hebatna. Tapi malah teu ngalakukan naon-naon๐Ÿ˜

Cikabayan :
Siap lah abah nata.

(cerita cikabayan jeug abah nata)

No comments:

Post a Comment