Wednesday, December 11, 2019

CIKABAYAN DIAJAR JADI JALMI NORMAL



Cikabayan :
Ari ceuk abah, jalmi anu  bahagia, tapi sok sedih oge, terus kukulutus, muji jalmi sejen, tapi osok oge ngahina batur. Eta kumaha normal teu abah ?

Abah nata :
Setiap jalmi teh kabayan seueuer aspek anu ngakibatkuen kadang bahagia, kadang sedih, kadang kukulutus. Bisa wae keur main sinetron misalna.

Cikabayan :
Tapi abah ari ceuk kabayan mah jalmi anu robah-robah kaayaanana kitu teh teu normal.

Abah nata :
Naha make kitu kabayan ?

Cikabayan :
Tingali we abah jalmi anu kurang sehat jiwana, persis kitu kan ?, kadang bungah, kadang cerik, kadang ngahuleng, ahh kitu we sok abah kumaha eta coba ?

Abah nata :
He he he bisa wae ari maneh kabayan.

Cikabayan :
Tapi nyata abah nata aya anu kitu teh, soalna kabayan oge osok kitu,  he he he.

Abah nata :
Bener eta teh kabayan, tina kaayaan kitu urang tiasa ngagali hikmahna.

Cikabayan :
Naon tah hikmahna teh abah ?

Abah nata :
Lamun urang tos ngarasakeun kabahagiaan anu hakiki, maka moal pernah manehna ngalami kasedihan, kecewa jeung anu sanesna. Kitu oge lamun jalmi tos pinter muji ka batur anu dialamatkuen ka Allah Ta'ala. Maka manehna bakal konsisten tetep we muji ka sahe wae oge, teu aya anu goreng di pandangan manehna mah. Nah jalmi anu normal saenyana anu kitu. Konsisten dina hiji keadaan walau ujian ngagoda kamanehna.

Cikabayan :
Oh kitunya abah, jadi lamun tos bahagia ulah galideur kitu abah ?

Abah nata :
Ari urang mah moal sampurna saratus persen kabayan tiasa ka arah eta. Tapi kudu berupaya menta ka Allah Ta'ala supaya di anugrahkeun hiji kaayaan anu diridhoi ku mantena, walaupun naon we tantanganana.

(carita abah nata)

No comments:

Post a Comment